Contoh Kata – Kata Undangan Walimatussafar Bahasa Sunda

Salam kawilujeungan anu ka sanggem mugia aya dina ginanjar kawilujeungan sehat dhoir sinareng batin. Aminn

Ngalangakungan ieu serta nyanggakeun shilaturahmi ka sadayana, simkuring sareng pun bojo seja nyuhunkeun deudeul pidu’a ti sadayana, rehna Insya Alloh dina tahun ieu, awal sasih hapit seja bade angkat nglaksanakeun Ibadah Haji ka Tanah Suci makatul Mukaromah sinareng Ziarah ka Makom Rosululloh SAW. Di Madinatul Munawaroh

Simkuring seja ngangkir linggih kasadayana sateacana miang ngalaksanakeun ibadah haji bade ngayakeun riungan Tasyakur Walimatus Safar anu waktosna Insya Alloh dina :

Dinten : Sabtu
Kaping : 29 Juni 2019 / 25 Syawal 1440 H
Tabuh : 08.00 d/k lekasan
Pangaosan : Kh. Ahmad Zaelani ti Parigi Pangandaran
Padumukan : Dusun Babakan RT 01 RW 04 Desa Parigi Kec. Parigi

Bawiraos awon kapinunjuk sakedahna mah simkuring ngadongkapan Bapak/Ibu/Saderek silahturahmi ngabubarkeun dosa miwah neda pidu’ana, jalaran anu samporet mugia teu ngirangan rasa Hormat Bpak/Ibu/Saderek luntur kalbu wening galih kersa rurumpaheun sumping ka rorompok dina waktosna, kanggo ngajurung laku marganing rahayu jiad pangdu’ana ti sadayana sakanteunan ngalubarkeun tina sadaya kalepatan

Teu paso kapihatir, tan sah diiring kabingan tanpa unjuk nuhun langkung tipayun kana kasumpinganana

Wasalamualaikum WR. WB
Bpk. Zenal / Ibu. Sarinem

Baca juga : 

0 Response to "Contoh Kata – Kata Undangan Walimatussafar Bahasa Sunda"

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya