Pidato Maulid Nabi Bahasa Sunda Yang Singkat



Nu dipihormat : ketua dkm mesjid al-ikhlas
Nu dipihormat : Dewan guru sekalian
Nu dipihormat : bapak sareng ibu anu aya dina acara ieu

Bismillahirrohmaanirrohiim...
Assalaamu’alaikum Wr. Wb.
Alhamdulillahirobbil ‘alamin wabihinasta’inu ‘ala umuu riddunya wadin, wa’ala aalihii washohbihi azma’in. Amma ba’du.
Qoolallohu ta’aala fil qur’aanil kariim
A’udzubillahi minassyaitoonirrojiim
Bismillahirrohmaanirrohiim
Laqod kaana lakum fii rosulillahi uswatun hasanah liman kaana yarjulloha walyaumal akhiro wa dzakarolloha katsiroo

Kaum Muslimiin Rohimakumulloh..
Puji nu jadi pamatri nu ngacik dina ati, puja nu sumarambah dina bayah ieu sadaya kagungan Alloh azzawajalla. Rahmat sinareung salam muga tetep ngocor kajungjungan panutan alam, sosok insan anu pinuh ku suri tauladan buktusna Rasul SAW.

Teu khilap ngahaturkeun sewu nuhun ka pambawa acara anu tos masihan waktos dina ieu acara sareng sim kuring bade ngatengahkeun judul :
MAULID NABI MUHAMMAD SAW

Para Hadirin anu ku sim kuring dipihormat
Dina ieu kasempetan hayu urang sami-sami ningkatkeun kualitas iman sareng taqwa ku ngalangkungan ieu acara mepelang maulid Nabi iman taqwa pa mangrupa cara pikeun nimbulkeun rasa mahabbah ka Alloh SWT sarta micinta ka Rosul SAW hal ieu pisan nu janteun dasar kakuatan dina enggoningngambah hirup kahirupan. Urang tetep kedah nutur kana jalur Rosul, napak kana laratan mantena. Teu cekap hiji muslim laksanakeun hungkul mi eling maulid nabi saupami teu di sarengan ku padamelan anu dicontokeun ku kanjeng Nabi .
Alloh SWT ngadawuh
Laqod kaana lakum fii rosulillahi uswatun hasanah liman kaana yarjulloha walyaumal akhiro wa dzakarolloha katsiroo

Hartosna :
temen-temen tos aya pikeun anjeun di rosululloh conto/suri tauladan anu hade.
Ku kituna hayu urang sami-sami dina enggoning urang ngarepkeun karidloan Alloh dan safaat ka Rosululloh ku cara ngalaksanakeun ibadah oge muammalah nu dibarengan ku conto rosul.

Mudah-mudahan urang sadaya kapapaosna aya dina pinutur karahayuan ginanjar ka wilejengna tur kahontal kabagjaan dunia dan akhirat ku cara ngalangkungan ieu mauled.

Kukituna nu tiasa ku simkuring dipihatur hapunteun bilih aya kalepatan tina lisan.
Wabillahi hidayah wattaufiq…Wassalamu’alaikum warohmatullohi wabarokaatuh


0 Response to "Pidato Maulid Nabi Bahasa Sunda Yang Singkat"

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya