Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 9 SMP


I.    Pilih salahsiji jawaban a, b, c atawa d anu pangmerenahna
 
Wacana 1
Dina hirup kumbuh sapope, urang Sunda mah salawasna raket jeung kabiasaan Migawe hal hal naon bae teu lepas tina adat kabiasaan. Ti mimiti gubrag ka alam dunya tug nepi ka maotna, tata-titi jeung paripolah urang Sunda didasarkan ku adat anu geus maneuh. Kapan aya paribasana, urang Sunda mah tara lali ka purwadaksi, maksudna tara poho kana tali parantyi atawa kabiasaan anu geus diwariskeun ku karuhun

1.    Pikiran lulugu (utama) dina paragraf di luhur, nyaeta…
a.    Urang sunda salawasna raket jeung adat kabiasaan
b.    Lamun digawe urang Sunda nincak kana adat kabiasaan
c.    Ti lahir tepi ka maot urang Sunda didasaran ku adat kabiasaan
d.    Urang sunda tara poho kana tali paranti ti karuhun

2.    “Tata-titi jeung paripolah urang Sunda didasaran ku adat anu geus maneuh.” Kecap maneuh dina kalimah bieu sarua hartina jeung kecap….
a. biasa                c. puguh
b. umum            d. matok

3.    Kecap anu ngagunakeun awalan ba-, nyaeta…
a. barang, balayar           c. basisir, bagilir
b. barudak, bagerak        d. badami, baganti

4.    Sora manuk koreak teh….. rek aya nu maot.
a. perbawa            c. perkara
b. pertanda            d. perwatek

5.    Itu imah Kang Maman anu….. ka kaler
a. sanghareup               c. disanghareupkeun
b. nyanghareup            d. nyanghareupkeun

6.    Basa nenjo nu katabrak barudak…………
a. ngajerit                 c. tingjarerit
b. singjarerit            d. ngajarerit

7.    Paribasa ngawur kasintu nyieuhkeun hayam, ngandung harti…
a.    Sok resep make barang atawa pakean batur
b.    Teu bisa ngukur kamampuh diri sorangan
c.    Batur dipikanyaah dulur sorangan diantep
d.    Di hareupeun alus, di tukangeun ngagogoreng

8.    Ulah sok resep nyebarkeun kagorengan batur atuh, ceuk paribasa mah nu kitu teh..”
a. manuk hiber ku jangjangna        c. ngaliarkeun taleus ateul
b. kawas anjing tutung buntut        d. harus omong  btang goong

Wacana 2
Eta kaayaan kitu teh terus lumangsung dina jaman pamarentahan Gus Dur, malah tepi ka ayeuna, sanggeus nagara urang dipingpin ku Presiden Susilo Bambang Yudoyono. Pamarentah, anggota DPR jeung nu sejena, sok mindengn pasalia paham tepi ka ngabalukarkeun papaseaan. Ieu balukar tina kurang-na komunikasi anatara pamarentah jeung rahayat.

9. Pamarentah, anggota DPR jeung nu sejena, sok mindeng pasalia paham tepi ka ngabalu-karkeun papaseaan
Kecap pasalia dina kalimah ieu ngandung harti…
a. sarua                c. alus
b. beda                d. goreng

10.    Ieu balukar tyina kurang komunikasi antara pamarentah jeung rahayat.
Kecap balukar dina kalimah bieu sarua hartina jeung…

a. sabab                c. alatan
b. akibat            d. lantaran

11.    Dina paragraf di luhur (wacana 2) aya kecap anu make rarangken ka-an jeung pa-an anu jumlahna…
a. 2 ka-an, 2 pa-an            c. 1 ka-an, 2 pa-an
b. 1 ka-an, 3 pa-an            d. 2 ka-an, 1 pa-an

12.    Conto rarangkeun ka-an anu ngawangun kecap barang, nyaeta…
a. kadaharan, kajujuran        c. kabeurangan, kapeutingan
b. katincakan, kadupakan        d. katutupan, kapanasan

13.    Ari rarangken ka-an anu ngawangun kecap kaayaan, nyaeta….
a. kadaharan, kapoekan        c. kapeutingan, kapanasan
c. katincakan, kaberangan        d. kadupakan, katindihan

14.    “Tuh tingali, pasawahan ngeplak satungtung deuleu !”
Kecap pasawahan make rarangken pa-an anu hartina…
a. tempat                        c. tukang
b. pakumpulan                d. hal

15.    “Manuk disarada patembalan dina tatangkalan”
Rarangken pa-an dina kecap patembalan gunana ngawangun…
a. kecap barang                c. kecap silat
b. kecap pagawean            d. kecap kaayaan

16.    “Beakkeun bae atuh ku sorangan, keun bae baturmah ulah diagehan”
Kalimah bieu ngandung gaya basa sindir (alegori), anu kaasup…
a. ngomong dua (ironi)            c. nyungkun (sarkasme)
b. ngomong seukeut (sinisme)        d. nghomong tarik

17.    Kalimah anu kaasup paribasa dina paragraf di luhur nyaeta…
a.    kesenian pantun geus meh tilem
b.    Genteng – genteng ulah potong
c.    Pantun langka nu nanggap
d.    Ngaruat imah, ngaruat lembur

18.    Ayeuna mah kesenian pantun teh geus meh tilem.
Kecap anu sarua hartina jeung tilem, nyaeta…..
a. maot                    c. tumpur
b. perlaya                d. leungit
19.    Mana kalimah anu pangmerenahna ngalarapkeun kecap anu make rarangken sa-R-na ?
a.    Sabageur-bageurna oge indung tere, tangtu moal bageur
b.    Saluhur-luhurna oge gunung, langitmah leuwih luhur
c.    Sagancang-gancangna oge beca moal bisa nandingan mobil
d.    Saalus-alusna oge barang ti loak mah angger butut
20.        “Siswa kelas 3 jadi pinujul pasaranggiri Pupuh di Kabupaten”.
kalimah bieu ngandung gaya basa….
a. sinekdoke (hurunuan)        c. Alegori (hurunan)
b. Sinekdoke (tunggalan)        d. Alegori (tunggalan)
21.    Ari kalimah “Tuh, Neng Mita mah nu nganggo topi beureum”, ngandung gaya basa…
a. Sinekdoke (hurunan)        c. Alegori (hurunan)
b. Sinekdoke (tunggalan)        d. Alegori (tunggalan)

Wacana 4
Lamun kitu, hasil teknologi teh boh satelit boh naon bae, henteu salilana nguntungkeun kahirupan manusa. Malah sabalikna, upama salah ngalarapkeunana bisa ngancurkeun umat manusa. Geus puluhan rebu manusa anu jadi korban di Bosnia, Afganistan jeung Irak. Diancurleun ku peluru kendali anu nga-belesatna di pandu make satelit

22.    Anu kaasup kecap panganteb dina paragraf diluhur nyaeta…
a. teh, bae                c. lamun, bisa
b. heunteu, jeung            d. geus, anu
23.    Ari anu kaasup kecap panambah modalitas dina paragraf di luhur nyaeta…
a. lamun, upama            c. geus, jeung
b. boh, puluhan                d. kitu, bae
24.    Kecap serepan tina basa asing nu aya dina paragraf diluhur nya-eta…
a. teknologi, satelit            c. manusa, kendali
b. teknologi, peluru            d. satelit, kendali
25.    “Sanggeus dibere duit mah leos we budak teh indit.”
Kecap leos dina kalimah bieu kaasup….
a. kecap panganteb            c. kecap panahap
b. kecap panganteur            d. panambah panganteur
26.    “Mugi – mugi Ibu sing kenging kabagjaan lahir batin”
Kecap mugi – mugi kaasup kana golongan kecap….
a. panambah aspek            c. panambah panganteb
b. panambah modalitas            d. panambah panganteur
27.    “Euleh, itu oray mani sagede tangkal kalapa!”
Kecap euleuh kaasup kana golongan kecap….
a. panganteur                c. panitah
b. pamenta                d. panyeuluk
28.    “Hatur nuhun, Pa!” ceuk Dian bari rengkubh ka Pa Dadang.
Kecap hatur nuhun kaasup kecap panyeuluk anu ngandung harti…..
a. sandi sora                c. pangwilujeung
b. pangajak                d. panghaturan
29.    1) Tita make sapatuy anyar
2) Ucing ngudag beurit
3) Mawa naon San, mani siga nu beurat ?
4) Mawa beas !
Anu kaasup kalimah sampurna dina conto kalimah di luhur nyaeta kalimah…
a. nomer 1,2,4                c. nomer 1,3,4
b. nomer 2,3,4                d. nomer 1,2,3
30.    Ari anu kaasup kalimah teu sampurna, nyeta kalimah…
a. nomer 1                c. nomer 3
b. nomer 2                d. nomer 4
31.    Waditra keset anu gunana pikeun mirig lalaguan sinden dina wayng golek nyaeta rebab.
Kecap waditra dina kalimah diluhur ngandung harti…
a. parabot                c. kesenian
b. sora                    d. kaendahan
32.    Pilih mana anu kaasup kalimah replektif !
a.    Nina keur maca buku di kamar
b.    Dani sibeungeut di pancuran
c.    Uci jeung Ade silih udag di buruan
d.    Saha nu ceurik wae teh ?
33.    Pilih mana anu kaasup resiprokatif !
a.    Nina keur maca buku di kamar
b.    Dani sibeungeut di pancuran
c.    Uci jeung Ade silih udag di buruan
d.    Saha nu ceurik wae teh ?
34.    Mang kabayan isukna teh dagang bubur
bubur kacang panas teuing
sedeng poe matak tutung
Mang kabayan rugi deui
teu payu najan samangkok
Wangun karangan diluhur disebutna….
a. Guguritan            c. sajak
b. Kakawihan            d. Sisindiran
35.    Anu disebut dongen babad, nyaeta…
a.    dongeng anu nyaritakeun kasaktian hiji jalma
b.    dongen anu nyaritakeun sasatoan
c.    dongen anu aya pakaitna jeung sajarah
d.    dongeng anu nyaritakeun kajadian hiji tempat
36.    Dina carita pantun aya bagian anu disebut…
a. jampe            c. tembang
b. rajah                d. sindir
37.    Carita pantun umumna nyaritakeun karajaan..
a. Galuh jeung Pajajaran    c. Majapahit jeung Pajajaran
b. Sunda jeung mataram    d. Sriwijaya jeung Tarumanagara
38.    Dina sastra Sunda wangun sajak kaasup kana karya sastra…
a. buhun            c. sampakan
b. baheula            d. moderen
39.    Salahsahiji ciri dongeng nyaeta…
a.    aya bagian anu pamohalan
b.    aya bagian anu eusina nasehat
c.    aya bagian anu pikasediheun
d.    aya bagian anu pikaseurieun
40.    Dongeng si Kabayan kaasup kana golongan…
a. Sasakala            c. Legenda
b. Sasatoan            d. Parabel
II.    Esey
Jawab atawa pigawe ieu pananya jeung panitah di handap !
1.    Sebutkeun/tulis masing – masing 2 conto kecap anu ngagunakeun awalan ba-, per-, sang- jeung ting-/pating- !
a.    ba-            : …………………………………….
b.    per-            : …………………………………….
c.    sang-        : …………………………………….
d.    ting-/pating-    : …………………………………….
2.    Jieun kalimah tina kecap anu make rarangken :
a.    ka-an        : …………………………………….
b.    pa-an        : …………………………………….
c.    sa-R-na        : …………………………………….
3.    Jieun kalimah kalawan ngagunakeun :
a.    kecap panganteb :
…………………………………………………………………….
b.    kecap panganteur:
…………………………………………………………………….
c.    kecap panahap:
…………………………………………………………………….
d.    kecap panangtu;
…………………………………………………………………….

4.    Jieun conto kalimah:
a.    Kalimah Sampurna:
…………………………………………………………………….
b.    Kalimah teu Sampurna:
…………………………………………………………………….
c.    Kalimah Replektif:
…………………………………………………………………….
d.    Kalimah Resiprokatif
…………………………………………………………………….

5.    Jieun kalimah anu ngandung gaya basa:
a.    Sindir (alegori)
…………………………………………………………………….
b.    Raguman (sinekdoke)
1)    Hurunan (totem proparte)
…………………………………………………………………….
2)    Tunggalan (pars pro toto)
…………………………………………………………………….




6 Responses to "Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 9 SMP"

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya