Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 8 SMP


I. Pilih salahsiji jawaban a, b, c atawa d anu pangmerenahna
Baca paguneman di handap !
Mang Utas : ”Lo… kadieu sakeudeung, urang ngopi heula !”
Si Alo : “Aeh..sugan teh saha, meni pangling ari diharudung sarung mah.”
Mang Utas : “Puguh Lo, amang teh kabulusan, geus saminggu ieu lembur urang Tasik mun
ti pueting dugi ka isuk – isuk karasa nyecep tiis, amang mah asa di Palutungan
Kuningan Lo..”
1. Anu keur di harudung sarung nyaeta…
a. Si Alo c. nu ngaronda
b. Mang Utas d. nu nginum kopi
2. Nalika Mang Utas jeung si Alo paguneman teh hawana karasa…
a. tiis c. haneut
b. panas d. nyongkab
3. Mang Utas diharudung sarung lantaran…
a. hareudang c. tiris
b. tunduh d. nyeri awak
4. Tradisi jarah ka kuburan bari meresihan eta kuburan tur ngawurkeun kembang di luhureuna disebut…
a. muludan c. lebaran
b. tahlilan d. nyekar
5. Adean ku kuda beureum hartina…
a. adat nu hese digantina
b. agul ku banda nu goreng
c. ngagulkeun luluhur sorangan
d. ginding ku pakean batur

Baca sempalan pangalaman Dudi M. Asgar anu dicutat ti http://urangsunda.net di handap ieu !
Perpecahan Suku di Sudan
Tah mimiti ahir bhulan oktober hawa Sudan karasa tiis (ceuk ukuran urang tropis), komo lamun bari ngahiliwir angin mah. Can kungsi ngukur sabaraha darajat celcius. Tapi cenah kadang nepi ka 12 derajat celcius. Komo mun subuh mah, tiris persis kawas di Mekkah atawa di Madinah lah, da puguh ampir sagaris lintang jeung Mekah mah. Tempatg Mekah/Madinah jeung tempat gawe kuring teh ngan kahalangan Laut Merah wungkul, Mekah kaleren Laut Merah, ari tempat kuring gawe kiduleunana rada jero saeutik.

Anu karasa ku kuring dina bulan Oktober nepi ka Februari, mun teu salah mah di Sudan teh sok terjadi perpecahan suku. Saperti anu ku kuring keur kaalaman ayeuna. Karasana teh matak nyeri, kadang – kadang peurih nepi kana hate. Mun geus karasa aya perpecahan suku, kuring mah sok inget ka lembur. Ehm… mun dilembur mah moal kieu karasana, di lemburmah aya nu ngupah – ngapeh. Cindekna mah gampang pisan obatna. Na ari di Sudan, kieu geuning karasana…

Duh gusti…, mun di lembur mah paling heunteu aya balingbing wuluh ubarna. Di toko oge aya Dalapan Dewa Ubarna. Di Sudan mah tong boroning Dalapan Dewam Sadewa wae teu aya. Moal kitu euwehna Sadewa teh kulantaran Nakula teu pernah ingkah ti Nagara Pabdawa. Poho matak ge, waktu indit kamari teu meuli heula salep Dalapan Dewa. Duh ieuh dampal sukupaleubah keuneung jeung tungtung jempol suku katuhu mani bareulah kieu. Jero deuih beulahna teh. Mani peurih karasana teh. Komo waktu keur diuk atahiyat waktu solatmah. Pan jempol kudu ditikeulkeun. Aduh mani peurih teh pisan, Rorombeheun mani parna kieu.

6. Di Sudan teh hawana karasa tiis ti mimiti ahir bulan….
a. Oktober c. Januari
b. November d. Pebruari
7. Hawa di Sudan teh kadang – kadang nepi ka…
a. 100 darajat Celcius c. 12 darajat Celcius
b. 40 darajat Celcius d. 0 darajat Celcius
8. Kacapi cara nabeuhna…
a. ditakol c. dioyagkeun
b. dipeutik atawa disintreuk d. ditiup
9. Nu disebut perpecahan suku ku Dudi M. Asgar dina panutup caritana nya eta..
a. bentrok antar etnis c. gawe bareng antar etnis
b. rorombeheun d. bentrok antar nagara bagian
10. Pakakas seni anu cara nabeuhna ditiup contona,,,
a. tarompet c. saron
b. bonang d. kendang

Baca sempalan carita pondok Syam Ridwan anu dicutat ti http://urangsunda.net di handap ieu !

Eusi Hate Si Pelung
Sereset hate nyereset, di pipir kadenge dunungan keur ngagongsrang ngasah bedog. Boa – boa Enya boa – boa kawas baheula, poean munggah pisan bapa uing oge di kerem, disampakeun bedog seukeut terus dieksekusi, mangsa janari leutik geus ngajirim jadi opor, hidangan saur munggaran. Mun tea mah nasib uing kawas kitu, dunungan teh jelas teu leubareun kana sora uing nu meleungkung handaruan, geus pohoeun yen nu ngabalukarkeun lembur haneuteun teh apan ku geternna uing kurungak korongok saban janari. Meni tega, abong ayeuna mah geus jaman canggih, kongkorongok hayam geus teu dijadikeun patokan, da kaelehkeun hape atawa ka silihkeun ku sora beker, pikeun ngahudangkeun mangsa geus manjing saur.

11. Tokoh dina carita pondok diluhur nya eta…
a. Syam Ridwan c. http://urangsunda.net
b. Si Pelung d. jalma nu mapag romadon
12. Perkara anu matak nyereset kana hate si Pelung nya eta…
a. inget ka nalika manehna ngadenge adan
b. inget nalika dununganana barangdahar
c. inget nalika manehna kongkorongok
d. inget nalika bapana dipeuncit
13. Carita pondok mangrupa carita dina wangun…
a. sajak c. prosa
b. puisi d. pantung
14. Carita pondok biasana mibanda setting…
a. kompleks c. ganda
b. tunggal d. kawentar
15. Tukang nyiuen parabot emas atawa perak disebutna
a. pujangga
b. palika
c. kamasan
d. wartawan
16. Sakur kecap anu tacan diropea wangunana atawa kecao weuteuh anu henteu dirarangkenan disebutna kecap…
a. asal c. wancahan
b. rajekan d. rundayan
17. Sakur kecap anu geus dirarangkenan disebutna kecap…
a. asal c. wancahan
b. rajekan d. rundayan
18. Kecap “unak-anik” mangrupakeun conto…
a. asal c. wancahan
b. rajekan d. rundayan
19. Kecap anu diucapkeun dua kali atawa leuwih, sabagian atawa sagemblengan, robah sorana atawa heunteu disebutna kecap…
a. asal c. wawancahan
b. rajekan d. rundayan
20. Kecap “geulis” lantaran deudeuh dipondokeun jadi “eulis” mangrupakeun conto kecap….
a. asal c. wawancahan
b. rajekan d. rundayan
21. Nalika nulis bewara, topik nu rek diumumkeun/dibewarakeun teh kudu..
a. panjang c. jentre
b. malapah gedang d. loba
22. Conto kalimah salancar jembar nya eta..
a. Asep mesek buah
b. Dewi ngareukuh sambel
c. Oman nginum cendol
d. Usman diuk di tepas
23. Si Alo : “Cenah cek beja mang Utas aya keur apesna, hirupna pas-pasan kiwari
geus ngadadak kaya, bener kitu?”
Kang Ewok : “Ngarana oge jalma, aya jayana aya keur apesna, hirupmah jiga roda
berputar. Jalma anu keur dikersakeun jeneng mah nya nangtung”.
Nu jadi catur dina paguneman di luhur nya eta..
a. jelema benghar
b. Mang Utas
c. jelema apes
d. Kang Ewok
Baca guneman dina telepon di handap ieu !
Adi : Halow, ieu sareng Budi ?
Budi : Muhun, Adi nya ieu teh ? Aya naon, Di ?
Adi : Rek nanyakeun soal gawe bareng tea Bud, jadi di mana ?
Budi : ‘Oh… enya ! kamari Adi mah teu sakola, nya ?
Adi : Enya Bud, tilu poe teu sakola teh gering. Tapi ayeuna mah geus jagjag deui
Budi : Sukur atuh ari geus sehat deui mah. Kieu Di, perkara kerja kelompok tea jadina
urang di alam terbuka wae, ngarah bari neangan suasana anyar nu seger
Adi : Asyik… enya alus ! Bosenlah diajar unggal poe di kelas mah

24. Adi nelepon Budi rek nanyakeun ngeunaan…
a. kaayaan Budi c. kerja kelompok
b. kayaaan di sakola d. piknik ka pagunungan
25. Sikep Adi kana rencana gawe bareng di alam terbuka nya eta
a. mikir – mikir heula c. langsung satuju
b. ragu – ragu keneh d. teu satuju pisan

Baca dongeng di handap ieu !
Satria
Aya maung, keur ngalungsar bae handapeun kiara, geus teu bisa walakaya, tina kakolotan jeung gering ripuh deuih. Beurang peting gawena ngan humaregung, kahujanan kapanasan teh teu bisa ingkah. Atuh da sumawonna pindah, geus teu kuateun usik-usik acan. Ayeuna ngan empes-empes wae, sahoseun teh estu lain bobohongan.
Tadinamah sato-sato nu sejen teh mani gigi sarieuneun, euweuh anu wani deukeut-deukeut acan ngadenge gaur maung teh. Tapi barang geus kanyarahoanmah, yen eta maung keur sakarat, rob wae padangaronom, padanarempo, malah padanalokeran sagala.
“Eleuh kunan .kitu cucungik nu sok bekuk batur aing teh ! Cik pek aing udag deuleu!” ceuk munding, bari jekuk wae digadil ku tandukna.
Rupa – rupa tingkahna sasatoan teh, pada- pda hayang mulangkeun kanyeri, hayang nembongkeun kaceuceub ka musuhna nu geus teu daya upaya. Ngan sakadang kuda anu ngahuleung bae teh, Teu lemek tyeu nyarek. Gawena ngan gogodeg bae ti kaanggangan
“Na sakadang kuda ngan dikir wae, mun jeplak wae kadinya, sepak tah lebah iga burungna ! Na teu inget bareto anak sampean dikerekeb ku ieu mangkeluk?” ceuk pecang
Kuda melengos bari cumalimba, “Kadongdora wani oge ka nu geus taya dayana. Muga aing mah jeung saturunan aingmah ulah dipaparin tekad hayang nganiyaya ka nu lian.Sumawonna ka nu taya tangan pangawasa geusan ngalawan mah !”

26. Sato nu keur ngalungsar teu walakaya teh nya eta…
a. maung c. kuda
b. munding d. peucang
27. Sato nu teu boga rasa dendam jeung jail kaniaya nya eta..
a. maung c. kuda
b. munding d. peucang
28. Sato nu boga sipat satria nya eta…
a. maung c. kuda
b. munding d. peucang
29. Maung teh geus teu bisa walakaya alatan…
a. kalaparan c. seubeuh teuing dahar
b. eleh gelut jeung munding d. gering parna
30. Peucang ngabogaan sipat…
a. wanian c. jujur
b. picik d. sopan

II. Eusian titik-titik dihandap ku jawaban anu bener !
  1. Kabiasaan anu geus lumrah tur merenah dilakonan ku masyarakat hiji wewengkon sok disebut….
  2. Carita pondok biasana ngawengku jangka waktu anu…
  3. Dina nulis pangalaman, sangkan anu maca katarik ati pikeun terus maca tulisan ngeunaan pangalaman hidep, mangka hidep kudu bisa milih pangalaman anu…
  4. Dongen nyebarna ku jalan dicaritakeun ku cara..
  5. Anu disebut plot teh nyaeta…
  6. Kalimah salancar nya eta kalimah anu diwangun ku…
  7.  Kandel kulit beungeut hartina…
  8. Kalimah ngantet dina basa Indonesia disebut…
  9. Nyarita dina telepon kudu saperluna wae, kudu singget, sabab nyarita dina telepon mah apanan kudu make waragad anu disebut..
  10.  Nyarita dina telepon kudu make basa nu…

III. Jawab pananya – pananya di handap !
  1.  Sebutkeun lima istilah tradisi !
  2. Kumaha carana sangkan carita pangalaman anu ki hidep ditepikeun matak pikareusepan pikeun sing saha wae anu ngabandunganana ?
  3. Nason sesebutan pikeun tukang nyieun parabot tina beusi ?
  4. Naon ari anu disebut palika teh ?
  5. kecapa anu kumaha disebut kecap trilingga teh ?
  6. Naon disebutna kecapa anu asalana tina hiji omongan tuluy dicokot sawatara enggangna nu dianggap penting, contona oncom di jero jadi comro, amis di jero jhadi misro, aci digoreng jadi cireng, suuk di jero jadi sukro ?
  7. Naon ciri umum dongeng ?
  8. Dongen nu kumaha anu kaasup dongen sasakala teh ?
  9. Naon ari nu disebut bewara teh ?
  10. Sebutkeun perkara anu kudu diperhatikeun nalika nelepon !


0 Response to "Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas 8 SMP "

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya