Arti Islam Dalam Bahasa Sunda



ISLAM HARTINA

  1. Islam hartina? Salamet
  2. Islam singkatan tina? I na : Isa ,S na : Subuh, L na : Lohor, A na : Asar, M na : Magrib.
  3. Dina abad sabaraha agama islam asup ka Nagara RI ? Islam asup ka Nagara RI abad ka 15 ( th1500 )
  4. Ka daerah mana mimitina asup agama Islam ? Ka Aceh
  5. Saha anu nyebarkeun di Tanah Jawa? Maulana Malik Ibrahim
  6. Terus di susul ku saha? Urang mana? Serikat dagang islam urang Gujarat.
  7. Make cara kumaha nyebarna agama islam di Tanah Jawa? Bari mayukeun daganganna sareng nyieun wali salapan atau walisongo?
  8. Sebutan hiji-hijina wali? Sunan Gunung Jati, Sunan Ngampel, Sunan Demak, Sunan Kudus, Sunan Giri, Sunan Bonang, Sunan Rajab, Sunan Kalijaga, Sunan Muryo.
  9. Naon sabab na urang asup ka agama islam? Sabab orangtua nuduhkeun secara turun-temurun.
  10. Agama naon anu ditarima ku Alloh Ta’ala? Agama Islam.
  11. Kumaha dalilna dina Quran? Innadina indallohi islam.
  12. Ka saha ari Qur’an diturunkeunnana? Ka Nabi Muhammad SWT
  13. Lamun asup kana agama Islam kedah ngucapkeun naon? Ngucapkeun Syahadat, Naon hartina?
  14.  Dina rukun islam nu kasabaraha? Anu ka hiji.
  15. Cing sebutan Rukun Islam hiji-hijina!
  16. Urang percaya kasaha? Ka Allah SWT
  17. Dina Rukun Iman anu ka sabaraha? Anu ka hiji.
  18. Cing sebutan hiji-hijina Rukun Iman!
  19. Saha ari Alloh teh? Alloh anu kasipatan dina akoid iman, aya sabaraha ari akoid iman? Aya 20.
  20. Cing sebutan hiji-hijina!
  21. Alloh sifat Wujud atau aya, naon nyatana? Bumi,langit eta dadamellanana oge sareng eusina anu aya di bumi sareng dilangit eta pangresa Alloh.
  22. Nabi aya sabaraha anu wajib dikanyahokeun?aya 25, sebutan hiji-hijina!
  23. Kitab suci aya sabaraha?aya 4, sebutan hiji-hijina! Kasaha bae diturunkeunnana? Kitab Injil ka Nabi Musa, Kitab Jabur ka Nabi Daud, Kitab Toret ka Nabi Isa, Al-Quran ka Nabi Muhammad.
  24. Dina rukun islam anu ka dua solat, ari jalma anu nganut ka agama islam tara solat, naon hukumna? Dosa
  25. Aya sabaraha kali solat wajib dina sapoe sapeting? 5 kali.
  26. Anu kumaha anu wajib Zakat? Ari puasa wajib dina bulan naon sabaraha poe?
  27. Asup rukun islam anu kasabaraha ari puasa?
  28.  Anu diwajibkeun munggah haji jalma anu kumaha? Jalma anu boga keur ongkos hajina.
  29. Nabi Muhammad runtuyan saha? Runtuyan Qushay, Qushay lahir 400 M, lahir Abdul Manaf 430 M, lahir Abdul Mutollib 497 M, Lahir Abdullah 545 M. Nabi Muhhammad 570 M.
  30. Saha kakekna Nabi Muhammad? Abdul Mutollib, Ramana saha? Abdulloh, ibuna Aminah.
  31. Nuju alit Nabi Muhammad diasuh kusaha? Abu Tholob
  32. Perantara saha Nabi Muhammad nikah sareng Khodijah? Perantara Nur Faisa.
  33. Sateacan Nabi Muhammad nikah sareng Khodijah, urang mana bae anu ngalamar ka Khodijah? Urang Quraisy namun teu ditampi.
  34. Yuswa sabaraha taun Nabi Muhammad nikah sareng Khodijah? 25 taun, Khodijah yuswa 40 taun.
  35. Saha ramana Khodijah? Khuwailin.
  36. Waktu nikah Khodijah diwakilan kusaha? Ku pamanna Umar Bin Asad.
  37. Ramana Khodijah pupus sateuacan perang Fijar, naon Perang Fijar teh? Perang waktu bulan suci.
  38. Al-Quran diturunkeun ka Nabi Muhammad, surat naon anu diturunkeun ka Nabi Muhammad? Surat Al-Alaq.
  39. Ngaliwatan Malaikat naon? Malaikat Jibril, dimana? Gua Hiro, di Gunung naon? Di Jabal Nur ( Jabal Tsur ).
  40. Asalna ayat-ayat Quran ditulis terpencar-pencar, aya dina batu-batu,dina dangdaunan jeung dina tulang-tulang onta, saha anu nyusuna? Zaid jeung Mushaf Utsman anu dugi ka ayeuna teuaya perobihan.
  41. Aya sabaraha juz Quran?30 juz, aya sabaraha ayat? Aya 6666 ayat.
  42. Naon ari Al-Quran teh? Al-Quran nyaeta dawuhan Alloh , kumaha hukumna maca quran? Wajib.


0 Response to "Arti Islam Dalam Bahasa Sunda"

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya