Biografi Susi Susanti Bahasa Sunda

BIOGRAFI SUSI SUSANTI

Lucia Francisca Susi Susanti atawa nu leuwih kasohor ku sebutan Susi Susanti nya éta salasahiji pamaén badminton nu geus kasohor ka sakuliah dunya. Lahir di TasikmalayaJawa Barat tanggal 11 Februari1971. Karesepna kana badminton geus aya ti jaman di SD kénéh. Ngamimitian karir dina widang badminton di klub mamangna, PB Tunas Tasikmalaya. Sanggeus latihan salila 7 taun, Susi jadi pinunjul badminton tingkat junior. Taun 1985 pindah ka Jakarta sarta sakola di sakola husus atlét.

Dina awal karirna taun 1989 Susi geus jadi jawara di Indonesia Open. Tisaprak harita, Susi tuluy meunangkeun sawatara kompetisi badminton kayaning jadi jawara All England (1990, 1991, 1993, 1994) tug nepi ka jadi Juara Dunia dina taun 1993. Puluhan gelar kungsi dicangking ku Susi Susanti sapanjang karirna dina widang badminton.

Sanggeus pangsiun ti dunya badminton, Susi jeung salakina Alan Budikusuma nyieun Olympic Badminton Hall di Kelapa Gading minangka gedung pusat pelatihan badminton sarta nyieun rékét kalawan merék Astec (Alan-Susi Technology) dina taun 2002. Bulan Méi2004International Badminton Federation (kiwari Badminton World Federation) méré panglélér Hall Of Fame ka Susi Susanti.

Préstasi
  1. Hall of Fame ti International Badminton Federation (IBF), Mei 2004.
  2. Herbert Scheele Trophy taun 2002.
  3. Medali Emas Olimpiade Barcelona taun 1992.
  4. Medali Perunggu Olimpiade Atlanta taun 1996.
  5. Jawara Dunia pada World Championship taun 1993.
  6. Jawara All England 4 kali (1990, 1991, 1993, 1994).
  7. Jawara Piala Uber bareng jeung tim Uber Indonesia 2 kali (1994 jeung 1996).
  8. Jawara Piala Sudirman bareng jeung tim nasional Indonesia taun 1989.
  9. Jawara World Badminton Grand Prix 6 kali (1990, 1991, 1992, 1993, 1994 jeung 1996).
  10. Jawara Indonesia Open 6 kali (1989, 1991, 1994, 1995, 1996, jeung 1997).
  11. Jawara Malaysia Open 4 kali (1993, 1994, 1995, jeung 1997).
  12. Jawara Japan Open 3 kali (1992, 1994, jeung 1995).
  13. Jawara Thailand Open 4 kali (1991, 1992, 1993, jeung 1994).
  14. Jawara Denmark Open 2 kali (1991 jeung 1992).
  15. Jawara China Taipei Open 2 kali (1991 jeung 1994).
  16. Jawara Korea Open taun 1995
  17. Jawara Dutch Open taun 1993.
  18. Jawara Swedish Open taun 1991.

Panglélér
Tanda Kehormatan Republik Indonesia Bintang Jasa Utama taun 1992.

0 Response to "Biografi Susi Susanti Bahasa Sunda"

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya