Contoh Teks Pembawa Acara Bahasa Sunda Memperingati Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW


PANATA ACARA

AssalamualaikumWr. Wb

Alhamdulillahi robilalamin wabihi nastainu a’la umuri dunya waddin wa’la alihi wasohbihi ajmain. Amma ba’du.
Bapa kepala SMAN 1 Parigi anu ku simkuring dipihormat, Bapak Ustad Anwar anu kusimkuring dipihormat, Bapa Ibu Guru rengrengan tata usaha anu ku simkuring dipihormat, teu kakantun rerencangan sadaya anu ku simkuring dipikareueus.

Langkung tipayun sumangga urang manjatkeun Puji sinareng syukur ka gusti anu maha suci Allah SWT, anu parantos ngalelerkeun nikmat sareng nkasehatan dugika urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu tempat kanggo pangemut – ngemut dinten Isra Mi’raj Nabi Muhammad SAW

Solawat sinareng salam mugia tetep ngocor ka jungjungan urang, kangjeng Nabi Muhammad SAW, ka kulawargana, sohabat – sohabatna, tur dugika urang salaku umatna. Simkuring ngadeg di payuneun para hadirin sadaya wireh ka pancenan salaku panata calagara seja ngadugiekun sababaraha acara anu baris kasanggakeun, diantawisna :
  1. Bubuka
  2. Maos ayat suci Al – Qur’an dilajeungkeun solawat Nabi
  3. Laporan ti pupuhu panata calagara
  4. Pamapag ti Bapa Kepala SMAN 1 Parigi
  5. Tausyiah
  6. Do’a / Penutup
Hadirin sadaya anu ku simkuring dipihormat supados teu nyangkolong kana waktos,  sumangga ieu acara urang buka ku maos basmallah sasarengan

Bismillahirohmanirrohim
Acara kadua, maos ayat suci Al – Qur’an dilajeungkeun mingpin solawat Nabi. Ka Saderek Rahma mangga di haturanan

Mc : Haturnuhun ka saderek Rahma anu parantos ngaoskeun ayat suci Al – Qur’an sareng mingpin
       Solawat Nabi

Nincak kana acara katilu, laporan ketua Panitia pelaksana . Ka saderek Andi mangga di haturanan ka payun

MC : Haturnuhun  ka Saderek Andi anu parantos ngadugikeun laporana

Kana acara kaopat, pamapag ti Bapa kepala SMAN 1 Parigi. Ka pangersa Bapa Eman, S.Pd, M.Pd, waktos sinareng tempat disayogikeun

Mc: Haturnuhu ka kersana Bapa Eman, S.Pd, M.Pd anu parantos ngadugikeun pamapagna

Kana acara kalima, nyaeta tausyiah ti Bapak Ustad Anwar. Sumangga Bapa Ustad Anwar waktos
sinareng tempat disayogikeun

MC : Haturunuh ka kersana bapa Ustad Anwar anu parantos ngadugikeun tausyiahna

Kana acara terakhir, nyaeta do’a/panutup. Acara do’a ieu baris dipimpin ku Bapa Ustad Anwar. Sumangga bapa Ustad Anwar, dihaturanan kanggo mingpin do’a


Haturnuhun ka kersana Bapa Ustad Anwar anu parantos mingpin do’a mugia do’a urang sadayana di kabul ku Allah SWT. Amiin

Sumangga ieu nacara urang pungkas ku aosan hamdallah sasarengan
Alhamdulillah irobila’lamin

Rupina sakitu anu kapihatur, Simkuring ngahatuirkeun nuhun ka rengrengan panitia anu parantos ngabantosan tina sagala rupi hal pikeun ngalancarkeun acara ieu.
Hapunten bilih aya kalepatan
Billahitaufik walhidayah wassalamualaikum wr. wb 

2 Responses to "Contoh Teks Pembawa Acara Bahasa Sunda Memperingati Isra Mi'raj Nabi Muhammad SAW"

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya