NYAWER - Adat Pernikahan Sunda


Dalam budaya atau adat sunda NYAWER merupakan sebuah adat sunda yang digunakan dalam sebuah acara pernikahaan, khitanan, dan Gusaran. Dalam bahasan ini Tukangetik akan membahas tentang NYAWER dalam acara pernikahan budaya sunda, terutama yang akabn dibahas disini adalah dari segi prosesnya, sampai pembahasan nyanyian yang digunakan dalam adat tersebut. Pembahasan ini akan disampaikan dalam bahasa Sunda, tata cara dan prosesnya akan dijelaskan dalam bahasa sunda.

berikut adalah NYAWER - Adat Pernikahan Sunda


NYAWER
Nyawer teh mangrupa upacara adat Sunda anu sok digunakan di nu kariaan kawinan, nyunatan, gusaran, atawa ngistrenan.

Bahan – bahan anu digunakeun beas, rampe, koneng, duit jeung tek – tek; anu masing masing miboga perlambang sewang – sewangan.
  • Beas, ngalambangkeun pibagjaeun pikeun anu panganten
  • Rampe/kekembangan ngalambangkeun kaseungitan nu nuju disawer engke dina hirup kumbuh
  • Koneng minangkan emas, perlambang kamulyaan pikeun panganten.
  • Duit, perlambang harta, pirejekieun lamun dihijikeun jeung beas pibahasaeuna rea keton, benghar ku dunya barana
  • Tektek anu dua ngalambangkeun karukunan anu duaan, Sababna dipake perlambang, lantaran eusi tektek kudu saimbang, ;cocog antara gambir, apu, kapol, saga, bako, lamun babandinganana teu saimbang teu rukun, diseupahna sajaba ti moal raos teh malah matak luieur.
Lamun ku uirang dititenan saliwatan mah nyawer teh ngawur – ngawur beas, duit jeung sajabana teh kawas pisan anu mere conto ka panganten kudu ngamonyah – monyah rejeki teu puguh, padahal saenyanamah :
  1. Ngingetan ka panganten, engke lamun geus kurenan ieu teh (harta banda kaperluan hirup) kudu disiar, akalan sing nepika meunang loba
  2. Sanggeus loba poho mere maweh ka nu butuh, komo ka sipating dulur jeung baraya mah, boh ti pihak pamajikan boh ti pihak salaki u;lah di popohokeun

BAB I
SAWER


SINOM DEGUNG
 
1.    Sampurasun ka sadayana
Wargi – wargi nu lalinggih
Para ibu miwah bapa
Jisim abdi neda widi
Ngedalkeun kereteg ati
Etang – etang turun kaul
Reuk nyelang nyawer heula
Wakil sepuh sakalih
Sad miwuruk nyampaykeun rasa kamelang 
 
 SINOM MANANGIS
2.    Cunduk waktu ninggang mangsa
Pun anak perang ngahiji
Ditepangkeun jeung jodona
Kenging rahmat ti yang widi
Cita – cita ngajadi
Ngajalankeun sunah rasul
Meungkeut janji subaya
Nurut tetekon agami
Maksad nikah tos kaunggel na hadisna

JEMPLANG TITI
3.    Laki rabi masing junun
Runtut raut jeung kakasih
Hirup rukun jeung panutan
Paneda sepuh sakaliuh
Titip cepil sareng soca
Beres roes repeh rapih 
  
 CANDRAWULAN
4.    Keur istri anu binangkit
Caroge anu tiolawat
Malar jodo henteu porot
Ucap tindak teh dirumat
Tara kalasar nyaruat
Ucap lampah lemah lembut
Pamageuh beungkeut duriat

5.    Ka saderek para wargi
Kudu nyaah tur ngajenan
Pihak istri jeung caroge
Ulah pisan kumagungan
Pon kitu ka tatangga
Urang hirup kudu rukun
Waluya dunya aherat

JEMPLANG BANGKONG
6.    Nubgguhing nu Rumah tangga
Sering ngalaman cocoba
Lamun urangna talobeh
Laku jeung lampah gagabah
Karudetan nu tumiba
Patumpuk patumbu – tumbu
Kabagjaan teu kapanggih
Nu puiguhmah ngan tunggara 
   
7.    Mangka sing asak pamilih
Misahkeun mana nu salah
Bok bisi urang kapangloh
Katurug – turug nu salah
Matak marubah garaplah
Kantun bingung manah ngungun
Mending rintih nimbang polah
Sangkan meunang kasenangan

KIDUNG
8.    Sakitu nu kapihatur
Cangreud dina sanubari
Sangkan aya mangpaatna
Ti lahir nepi ka batin
Ngajalankeun kawajiban
Sing nepi ka nini aki    

9.    Sepuh mah ukur miwuruk
Minangka pandeudeul ati
Pibekeleun sarerea
Enggoning nu laki rabi
Sing bisa jadi tuladan
Picontoeun kadang wargi

10.    Mugi gusti Maha Agung
Nu sipat Rohman jeung rohim
Nangtayungan ka umatna
Ka panganten jaler istri
Sakadar andum pidua
Amin ya robbal alamin


BAB II
NGALEUPASKEUN JAPATI

NGALEUPASKEUN JAPATI
Ngaleupaskeun japati mangrupa simbul indung ngajurung tawekal ka putra istri, da dicandak ku carogena bari teu weleh sina tumut sauyunan, runtut raut lir japati. Hiji – hijina bangsa manuk nu tara ganti bikang, tara ganti jalu tug nepi ka pati, tara diadu anatara jalu jeung bikang.

Eneng, eulis, anaking
pupunden mamah jeung apa
salapan bulan mamah ngakandung
dikuntut ku karisi
dirancana ku karisi
sieun kiitu sieun kieu
utun inji bisi kumaha onam
beurat burayang onam
eungap rumenghap rumahuh
teu ieuh aral subaha
mapan dina panghareoan
nu dikandung mulus tur rahayu
Geulis,
waktu rek ngalahirkuen
sabaraha jam mamah nandonkeun nyawa
pati sasat guwang – giwing
ngantengna rambut salembar
matak keutir baluas kadieunakeun

Alhamdulillah
murahna Allah subhanahu wata‘ala
anak mamah tur salamet

dororok didama – dama
dijaring diaping beurang jeung peuting
ditanggeuy diegeuh – eugeuh
diatik diwaris harti
…. taun ayeuna
cunduk dawuhna, datang mangsana
beut kudu papisah
nalangsa galo jeung bungan
teu panasaran da aya nu neruskeun nyaah
neruskeun bela
nya kang…….
mamah, bapa jumurng pisan
suka lilah sadrah pisan
bral geura mencar
tarawekal malotekar
lulus mulus sauyunan
silih belaan duaan
silih asih silih asuh
deudeh silih pikanyaah
lambat lambut runtut raut
jantika lahir jeung batin
rumangkeup nepi ka pati
Canngreud dina sanubari
agem agama tatapakan
enggoning hirup
Insyallah rakhmat salamet
bral anaking buah ati, beubeulahan nyawa
perlambang japati leupas tina kurungna
Ya Allah nyanggakeun….. (Ber japti dileupaskeun)


BAB III
BANTAYAN

Bahan – bahan nu digunakeun dina bantaya nyaeta :
  1. Endog Hayam
    engke lamun eta endog dipeupeus keun bakal katembong cacai anu kentel. Eta mangrupa siloka. Eta cacai teh pimahlukeun pijelemaeun, sadaya oge asalna ti nu kitu, anu matak ari jadi jalma ulah sok adigung adi guna da aslana mah sarua tinu kitu
  2. Cai dina Kendi
    Sipat cai teh tiis sarta sok di pake meresihan sagala rupa. Menggumbahkeun sampean hartina mintonkeun kasumujudan, istri ka caroge. Oge nyilokakeun upama urang asup ka imah omat ulah mawa hate anu kotor, batin anu kusut, kudu beresih, halegar nu matak aya babasaan “Pepes kendi beak cai, kudu pada beuli ati, paniisan di taweuran”
  3. Elekan
    Elekan, aya gunaan soteh lamun aya benangan. Da anu guna mah benangna. Ku lantaran eta kuruna kudu dipiceun, dipeupeuskeun
  4. Harupat
    Harupat sipatna getas, mun potong teh des pingges sana sakali Jelema oge aya sipat saperti kitu nu disebut getas harupateun, sipat barangasan babari ambek, teu kaopan sakecap kadu gaplok
Eta harupat engke disundut sangges hurung dipareman tuluy dipiceun. Eta teh perlambang mareuman tabeat anu getas harupateun tea, anu kudu dijauhkeun engke dina rumah tangga

PRAKPAKAN BANTAYAN
 
  1. Nincak Endogh
    Panganten pameget muak selop teras ngadampal endog sina peupeus
  2. Sibanyo
    Panganten istri nyandak kendi kanggo ngumbah sampean carogena teras dielapan ku elap
  3. Nincak Elekan
    Panganten pameget ngadampal elekan sing dugi ka peupeus.
  4. Meuleum Harupat
    Panganten istri nyandak harupat nu tos disayogikeun. teras diseungeutkeun kana lilin nu ngaganteng. Saparantos hurung dipareuman, teras dipotongkeun dialungkeun ka luar
BAB IV
BUKA PINTU
Panganten pameget ngetrokan panto

DANGDANGGULA
Ti jero    :    Saha eta kumawani
Ngetrok lawang jin atawa jalma
Mun jalma rek maksud naon
Naha kitu nya laku
Kawas jalma nu kurang budi
Milampah subasita
Lir nu kurang elmu
Jeung sampean urang mana
Banjar karang lembur matuh geusan ngancik
Naon anu diseja

Ti luar    :    Aduh eulis mustika awaking
Kembang soca jimat raga engkang
Pupujaan jadi pupuden
Naha eulis bet kitu
Kawas – kawas anu geus lali
Kapan ieu teh engkang
Bet sageuy kapalsu
Nya carige eulis tea
Anu bade sosoroh bumela pati
Nitipkeun raga sukma

SINOM
Ti jero    :    Euleh gening henteu nyana
Baruk engkang kersa sumping
Boro ngomong sugal songong
Ngumbar ucap teu disaring
Tawakup jeung hak sami
Hapunteun anu kasuhun
Rumaos kasamaran
Sinngoreng pupujan ati
Aduh engkang sembaheun sapaposna  
               
SINOM       
Ti luar    :    Deudeh eulis jimat engkang
Lisan eulis matak tiis
Ninggang hate sumarambah
Metot kasono kaasih
Nyered katresnan ati
Matak giung matak limbung
Liwung hoyong geura tepang
Dunungan tong lami teuing
Enggal – enggal enung geura buka lawang

DANGDANGGULA
Ti Jero    :    Laksa keti pangasih katampi
Amung engkang masing sabar
Mugi ulah bendu raes
Reh abdi masih bingung
Saupami taya pertawis
Sahna katresnaan
Malihna ti kitu
Hoyong nganggo pasanggupan
Ngarah abdi tetep sumembah migusti
Hate ulah ngolembar

Ti Luar    :     Tobat enung na talete teuing
Masih keneh cangcaya ka engkang
Sageuy teuing rek ngabohong
Engkang narohkeun umur
Gurat batu teu lanca – linci
Dupi hal perjangjian
Saksina Yang Agung
Engkang paasrah pangersa
Sarangenge moal surup wancui lingsir
Sumangga pintu buka
BAB V
HUAP LINGKUNG

Panganten Pameget kedah kiwaeun Panganten Istri
Ket :    Huap lingkung ngandung siloka, sanes kanggo pintonan nangin ngandung
    hartos, urang sabada dirapalan kedah silih asah, silih asih, silih asuh, silih
    simbeuh ku kadeudeh, silih siram ku kanyaah, silih lengkepan kakurangna

  1. Pabenyeng – pebenyeng bakakak
  2. Silih huapan, silih leueutan
    • Panangan pameget nu tengah nyomot sangu ketan terus di rangkulkeun kana punduk panganten istrib
    • Panangan panganten istri anu kiwa ngaleng panganten pameget, panangan tengen nyandak sangu ketan
    • Ngahuapkeun sangu ketan sasarengan nganggo komando nu ngatur acara
    • Silih leuetan
    • Ibu panganten istri ngahuapan panganten istri
    • Ibu panganten pameget ngahuapan panganten pameget

    Ayeunamah eneng, encep kudu bisa ngahuap ku sorangan kudu ngoreh nyair rejeki geusan hirup urang duaan

    Amin ya Allah ya robbal alamin mugi – mugi ieu panganten dina laki rabina aya dina Rohmat Gusti

    Rupina acara sabada akad Nikah parantos rengse, bilih aya ucap anu pnyelap, mawur saurna resag basana da puguh sanes ahlina neda agung cukup lumur hapunten anu kasuhun
    Wasalamualaikum wr. wb
  3. Panganten ters dicandak kana puade
  4. Protokol ngumumkeun supados maparin salamet restu ka panganten sakalih

0 Response to "NYAWER - Adat Pernikahan Sunda"

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya