Nadom Eusi Al-Qur'an



Ibnu Abas nerangkeun eusina Qur’an
Kabeh eusina teh salapan bagian


Hiji amar hartosna teh parentehan
Seueurna sarebu ayat teu nyalahan


Duwa nahyi hartosna eta larangan
Seueurna sarebu ayat teu nyalahan


Tilu wa’ad hartosna teh perjangjian
Ku sawarga sarebu ayat raja’an


Opat wa’id hartosna eta
Ku naraka sarebu ayat teungeutan


Lima ihbar hartosna ngalakonkeun
Nu baheula sarebu ayat apalkeun


Geuneup amsal hartosna eta nyontokeun
Seueurna sarebu ayat pek pikiran


Tujuh netelakeun halal rejeng haram
Lima ratus ayat kabeh sing ka paham


Dalapan nasah jeung mansuh nu seeurna
Saratus ayat sing apal sadayana


Salapan dikir dua tahmid istigpar
Geuneup puluh geuneup ayat sing katalar


Jumlah geuneup rebu geuneup ratus ayat
Geuneup puluh geuneup ayat kade lepat

0 Response to "Nadom Eusi Al-Qur'an"

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya