Pidato Bahasa Sunda Halal Bihalal



HALAL BIHALAL

Assalaamualaikum.wr.wb
Alhamdullahhirobilalamin asolatu wasalmu’ala asrofil amrial walmursalin wa’ala alihi wahsohbihi ajmain ammaba’du.

Langkung tipayun hayu urang sami-sami panjatkeun puji sinareng syukur ka Allah SWT, wireh dina danget ieu urang sadaya tiasa kumpul ngariung dina raraga halal bihalal. 

Solawat sinareng salam mugia ku Alloh SWT dilelerkeun ka jungjungan alam, nyatana habibana wanabiyana Muhammad SAW, ka kulawargina ka para sohabatna tur dugi ka urang salaku umatna. Amin, amin ya robbal alamin.

Para wargi sadayana, alhamdulilah urang sadaya parantos ngajalankeun salami sasih dina romadon kamari. Boboran parantos kalangkung, ayeuna urang halal bihalal kanggo silih ngahampura kalepatan sareng silih meresihkeun hate urang sadayana.

Lir ibarat kertas anu masih ngeplak bodas teuaya coret-coretanna orok anu nembe dilahirkan ka dunia ieu masih keneh suci terbersih.

Simkuring ngucapkeun takobalalohum inna waminkum siamana wasiamakum minal aidzin walfaidzin , hapunten lahir sinareng batin. Mudah-mudahan parawargi sadaya tiasa ngahapunten kana sagala kalepatan simkuring anu dihaja boh oge nu teu kahaja, anu katingali sareng teu katingali.
Margi mung jalmi nu mulia anu tiasa ngahapunten kana sadaya kalepatan batur, simkuring oge sami bilih tea mah wargi sadaya aya kalepatan ka simkuring, parantos ku simkuring dihapunten oge. 

Dina acara anu mulya ieu hayu urang langkung pageuhkeun tali silaturahmi, langkung reuketkeun duduluran urang. Mugia Alloh SWT mika ridho kana acara anu mulya ieu amin.

Rupina mung sakitu anu tiasa ku simkuring larapkan, hapunten bilih aya kecap anu kirang merenah dina manah, hatur nuhun tina sadaya perhatosannana.

Wabillahi taopik walhidayah, wassalammualaikum wr.wb.

1 Response to "Pidato Bahasa Sunda Halal Bihalal"

  1. Izin kopi paste gan...ssmoga kebaikannya dibalas oleh Allah SWT

    ReplyDelete

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya