Pidato Perpisahan Sekolah Bahasa Sunda


BIANTARA PATURAY TINEUNG

Assalammualaikum wr.wb.

Puji sinareng sukur kasanggakeun ka Allah SWT. Alhamdulilah dina danget ieu urang sadaya tiasa riung mungpulung dina raraga nyakseni upacara paturay tineung tutas hatam nyiar luwang di ieu sakola.

Bapak kalih Ibu, hadirin sadaya anu dipihormat.

Simkuring nangtung ngawakilan rerencangan kelas tilu, seja sumanggem ngedalkeun kereteg angen, mungguh ari waktu, asa nyeak sajorelatan, asa kamari keneh simkuring daftar ka ieu sakola , ayeuna kedah miang , teu aya nu tiasa kapisanggeum da ieu ilat teu werat mun kedah ngucap nanging da wanci nu jadi panyapih yen urang kedah patebih.

Hatur sewu nuhun Bapak, Ibu guru sadaya elmu pangaweruh anu didugikeun sing janten obor cacaang jalan anu mangfaat.

Atuh salami simkuring saparakanca di ajar di ieu sakola kantenan seueur kalepatan tina sikep, sareng paripolah nu teu merenah matak rungsing kana pikir, neda ampun nya paralaun, neda , neda jembar hapuntena.

Pamungkas, simkuring saparakanca neda pidua’a mudah-mudahan sajengkarna ti ieu sakola tiasa ngahontal cita-cita anu diseja. Sapamundut ginuluran, sapaneja tinekanan. Amin.

Meser kaos di meteran..
Meserna ti Pangandaran..
Abdi mios rek pamitan..
Hapunten samudaya kalepatan..
Nu dikantun sing rahayu nu angkat mangkat waluya.

Wassalamualaikum wr.wb.

Contoh lainnya :

Biantara/Pidato Paturay Tineung dina Ahir Taun (perpisahan sareng kenaikan kelas)

Bismilaahirrohmanir rohim,
Assalaamualaikum wr. wb.

Langkung  ti payun sim kuring ngahaturkeun nuhun ka pihak panitia anu parantos masihan waktos kanggo sasanggem dina ieu acara. Hapunten anu kasuhun, saupami dina ieu biantara aya pisanggem anu kirang merenah, boh basana boh tatakrama.

Bapa Kapala Sakola miwah Bapa sareng Ibu Guru,
Kitu deui sakumna réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Dinten ieu, dina raraga paturay tineung murid kelas genep/salapan/dua belas, tipayun mangga urang sasarengan manjatkeun puji sinareng syukur ka Gusti Nu Maha Suci, réh maparinan taufik sareng hidayah-Na, dugi ka danget ieu urang sadaya aya dina séhat wal afiat. Pamugi ku kasumpingan urang sadaya kénging ridho ti Alloh SWT.
Solawat sinareng kasalametan mugia dilélérkeun ka jungjunan urang sadaya Nabi Muhammad SAW., ku jasa mantenna anu parantos maparin patwa ka urang sadaya dugi ka terang mana anu haq sareng mana anu bathil. Mugia urang sadaya kalebet umat anu taat kana ajaran mantenna.

Bapa sareng Ibu Guru,sareng réréncangan sakola sadaya anu dipikacinta,
Sim kuring atas nami wakil murid kelas genep/salapan/dua belas, seja ngadugikeun katineung, kedal lisan  dina raraga paturay tineung. Bapa sinareng ibu guru anu dipikacinta, cunduk waktu ninggang mangsa, ...... taun teu karaos  sim kuring saparakanca diatik dididik sagalaning elmu pangaweruh anu teu kinten seueurna jasa bapa miwah ibu guru sadaya. Sim kuring sadar yén salami .... taun tos tinangtos seueur ngalakukeun hal-hal anu matak musingkeun sareng pikakeuheuleun. Kumargi sakitu, sim kuring saparakanca seja neda sih hapuntenna tina samudayaning kalepatan.

Kalih ti éta sim kuring saparakanca seja neda pidua ka bapa, ibu guru supados tiasa neraskeun diajar ka sakola nu langkung luhur. Teu hilap ka adi-adi sadaya nu masih kénéh aya di bangku sakola ti kelas ... dugi ka kelas ... , mugi sing getol diajar, sareng sing taat kana piwuruk bapa sareng ibu guru.

Bapa, ibu guru, sadaya nu sami hadir nu dipikacinta.
Sakitu katineung ti sim kuring, kirang langkungna hapunten anu kasuhun.
Wabillahi taufik walhidayah
Wassalaamu alaikum wr. wb.



0 Response to "Pidato Perpisahan Sekolah Bahasa Sunda "

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya