Pidato Bahasa Sunda Singkat Tentang Pergaulan Bebas


Assalamualaikum wr,wb
Sampurasun,,
Bapa guru anu kusimkuring di pihormat,
Rerencangan sadaya anu kusimkuring dipihormat,
Langkung tipayun hayu urang sami-sami manjatkeun puja-puji sinareng syukur ka hadirat Gusti anu Maha Suci, anu parantos masihan kasehatan sareng kasempetan ka urang sadaya, rehna dina danget ayeuna urang tiasa riung mumpulung, paampro jonghok, patepang raray di ieu tempat nu sederhana ieu. Sholawat miwah sallam mugia tetep ngocor ka jungjunan urang Nabi panungtung, Kanjeng Nabi Muhammad SAW, ka para kulawargana, sohabatna, tabi’in tabi’atna tur dugi ka urang salaku umatna anu insyaAllah kenging syafa’at ti mantenna. Sateuacanna abdi ngahaturkeun nuhun ka palawargi sadaya anu parantos hadir di ieu tempat, hapunten upamina tempat anu disadiakeun kirang nyugemakeun. Dina kasempetan ieu abdi bade ngaguar perkawis Pergaulan Bebas.

Palawargi sadaya,
Sapertos anu kuurang tiasa diperhatoskeun di zaman kiwari kahirupan barudak rumaja atos ngawitan robah. Seueur waktu anu sakedahna dilebetan ku hal anu ngandung kahadean malah dilebetan ku hal anu ngandung kaawonan. Diantarana wae waktu bubar sakola nu kedahna dilebetan ku ekstrakurikuler ieumah diangge ameng, momotoran, sareng bobogohan. Sanes teu kenging ari bobogohan teh, tapi da ari saumuran urang mah bobogohanna ge anu sawajarna wae, bisa ngan saukur smsan hungkul, tong dugikeun ka ameng wae duaan da ngewa katinggalna. Kumaha upamina hubunganna pegat atanapi kumaha upami aya hal anu teu dipikahoyong malah kajadian ?. Saha anu bakal riweuh sareng isinna ? da urang jeung kolot oge.

Tah aya sababaraha hal anu jadi panyabab pergaulan bebas eta diantarana ;

1. Kurangna perhatosan ti kolot
2. Kolot anu cerai (pisah/pegat)
3. Kurangna Iman
4. Wewengkon dumuk
5. Budak anu teu nurut ka kolot

Tah kusabab kitu hayu atuh urang sasarengan ngajauh jeung ngamusnahkeun eta pergaulan bebas. Kumaha carana ? Nya kucara ningkatkeun kaimanan sareng katakwaan ka Allah SWT, nurut ka kolot, junun sakola supaya tiasa ngahontal naon dipikahoyong, nyibukeun diri ku aktif di organisasi-organisasi anu aya gunana sareng anu seueur ngandung kasaean.
Palawargi sadaya,

Rupina, cekap sakitu anu tiasa kusimkuring dipihatur. Hapunten saupamina seueur kalepatan dina basa atanapi bilih aya anu kagores manahna ku ucapan simkuring. Dan abdi ngadugikeun ieuteh ngan saukur ngaharep mugia para rumaja di Indonesia khususna ditatar Pasundan tiasa nebihan eta pergaulan bebas. Haturnuhun kana perhatosanana.

Saninten buah saninten
Saninten di parapatan
Hapunten abdi hapunten
Bilih aya kalepatan
Wassalamualaikum wr.wb

Baca juga : Pidato Bahasa Sunda Tentang Kebudayaan


0 Response to "Pidato Bahasa Sunda Singkat Tentang Pergaulan Bebas"

Post a Comment

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya