Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas X SMK Semester Ganjil

ULANGAN SEMESTER GANJIL
TAHUN PELAJARAN 2013/2014

Satuan Pendidikan    : Sekolah Menengah Kejuruan (SMK)
Program Keahlian    : TKJ/MM/AP/TKR
Mata Pelajaran         : Bahasa Sunda
Kelas                        : X
Kode                        : SUN/X/2.2./B
Alokasi Waktu        : 90 menit
Bentuk Soal            : Jawaban Singkat, PG dan ESSAY
Jumlah Soal            : 45 Soal

Petunjuk Umum :

  1. Isikan identitas anda ke dalam Lembar Jawaban (LJ) yang tersedia dengan menggunakan ballpoint.
  2. Beri tanda silang pada jawaban benar
  3.  Tersedia waktu 90 menituntuk mengerjakan paket tes tersebut
  4. Jumlah soal sebanyak 40 butir pilihan ganda dan 5 butir essay, pada setiap butir soal terdapat 5 (lima) pilihan jawaban
  5. Periksa dan bacalah soal-soal sebelum Anda menjawabnya
  6. Laporkan kepada pengawas ujian apabila terdapat lembar soal yang kurang jelas, rusak atau tidak lengkap
  7. Mintalah kertas buram kepada pengawas ujian, bila diperlukan
  8. Tidak diijinkan menggunakan kalkulator, HP atau alat bantu hitung lainnya
  9. Periksalah pekerjaan anda sebelum diserahkan kepada pengawas ujian
  10. Lembar soal tidak boleh dicoret-coret



Baca ieu sajak di handap !
DOA

Dina jempling peuting
ayat-ayat Alloh dihiberkeun
dileupaskeun tina jaruji iblis
mangsa diri eling

Ya Alloh
kakiatan nu dipiharep
pikeun meruhkeun katelengesan
jaman nu beuki ngabarungsinang
memeh diri tepung jeung udagan

Peuting beuki jempling
doa-doa ngeus diburakan
laju ngalayang ngambah jomantara
sugan anjog ka sidrotul muntaha

Cihayam, 1997
Dicutat tina Mangle No. 167/1998




Perhatikeun ieu sempalan sajak di handap !

Dina jempling peuting
ayat-ayat Alloh dihiberkeun
dileupaskeun tina jaruji iblis
mangsa diri eling

1.    Kira-kira naon anu keur dilakukeun ku palaku dina sempalan sajak di uhur teh?
2.    Kecap naon dina anu nuduhkeun yen palaku keu ngado’a?
3.    Nuduhkeun naon kecap dihiberkeun dina padalisan kadua?
4.    Naon kira-kira ma’na nu aya dina padalisan katilu?

Perhatikeun ieu sempalan sajak di handap !
Peuting beuki jempling
doa-doa ngeus diburakan
laju ngalayang ngambah jomantara
sugan anjog ka sidrotul muntaha

5.    Kereteg naon anu nyangkaruk dina diri palaku, nurutkeun ungkara nu aya dina kecap sugan anjog ka sidrotul muntaha dina padalisan kaopat?

I. Pilih salahsahiji jawaban anu pangbenerna!
6.    eta jalma ti tadi ngan ______ waé di dinya teu ingkah-ingkah.
a.    Ngabedega                        d. pulang anting
b.    turun unggah                     e. balawiri
c.    cilingcingcat

7.    Panya téh rék dibikeun ka kuring duitna, _______ teh diasupkeun deui kana pesakna, abong korét!
a.    geuning                        d. siughoréng
b.    panyana                        e. panginten
c.    sugan

8.    Geuning ______ Mang Ubéd mah ti Subang, panya téh ti Kuningan
a.    banjar karang pamidangan                d. banjar midang
b.    karang pamidangan                e. pamidangan
c.    pamiangan

9.    Kudu ______ ari make sikat gigi teh, ulah nu saha waé, bisi aya panyakitan.
a.    cicing                         d. matuh
b.    nganjrek                         e. dumuk
c.    linggih

10.    Ayana undang-undang pornografi teh ______ kelompok nu pro jeung nu kontra.
a.    ngahudang                     d. ngagueingkeun
b.    ngagugahkeun                     e. ngaguyah-guyah
c.    ngarojong

11.    Poe ______ mah puasa téh mani asa laleuleus kieu, can biasa meureun.
a.    munggaran                     d. panungtung
b.    isukan                         e. kamari
c.    mangkukna

12.    Ngadegna Gedung Monas téh        Présidén Soekarno.
a.    gara-garana                        d. pagawéanana
b.    alpukahna                         e. pagawéan
c.    gawe

13.    Dongéng mah         ku cara lisan.
a.    sumebarna                         d. papisahna
b.    paburencay                        e. ngahijina
c.    galarna



14.    Kang Dadun téh geuning, lurah          jaman kapungkur.
a.    urut                         d. manten
b.    réstan                         e .sesa
c.    panyésaan

15.    Pa Guru Dadi mah ngawulang téh mani          sakali nerangkeun gé abdi mah langsung ngartos.
a.    Tarik                        d. jentre
b.    harus                         e. bedas
c.    écés

16.    Majalah Manglé mah — saminggu sakali.
a.    lugayna                         d. medalna
b.    budalna                         e. hudangna
c.    kaluarna

17.    Néng Nita mah — di kelasna gé, matak peunteun rapotna gé alus.
a.    pangcéréwédna                     d. pangnéngtéréwéléngna
b.    pangnyongcolangna                 e. panggeulisna
c.    pangsuhudna

18.    Taya— manéhna mah jadi pamingpin téh, ku anak buah gé dilédék.
a.    mamarasna                     d. peurahna
b.    komarana                         e. kawasa
c.    kawani

19.    Alusna mah program pamaréntah téh pada —ulah loba dicawad heula.
a.    nolak                         d. ngajejeléh
b.    ngajugjug                         e. ngadeudeul
c.    néang

20.    Budaya Sunda hakal leuwih anteh lamun ditulis atawa dicaritakeun dina basa
a.    Sunda                         d. Indonésia
b.    Inggris                         e. Arab
c.    Sansekerta

21.    Siga enya we gaya momotoran. Kawas motor bogana sorangan baé , padahal anu emangna. Pantes baé ku batur disarebut……….
a.    Adat kakurung ku iga                 d. ambek nyedek tanaga midek
b.    Agul ku payung butut                e. adéan ku kuda beureum
c.    Paanteur – anteur julang

22.    Ti baheula budak eta mah ngan kitu waé kalakuanana téh, abong.
a.    Adat ka kurung ku iga                 d. henteu gedag bulu salambar
b.    banda tatalang raga                 e. létah teu tulangan
c.    Agul ku payung butut

23.    Pantes wé teu ngalawan gé da lawan sakitu jangkung badagna, ahirna mah.
a.    ambek nyedek tanaga midek             d. henteu gedag bulu salambar
b.    banda tatalang raga                    e. kuméok méméh dipacok
c.    adat kakurung ku iga

24.    Abdi mah teu ...,rnugi waé janten kasaéan.
a.    Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
b.    Balungbang timur caang balan opat welas, jalan gedé sasapuan
c.    Agul ku payung butut
d.    Unggut kalindiuan gedag kaanginan
e.    Paanteur – anteur julang

25.    Ulah bosen ari diajar téh, sok sing leukeun da moal burung bisa, geuning ceuk parihasa gé
a.    Banda tatalang raga
b.    Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
c.    Balungbang timur caang balan opat welas, jalan gedé sasapuan
d.    Uyah mah tara téés ka luhur
e.    Unggut kalindiuan gedag kaanginan
26.    Ninggang dina paribasa ..., boga duit ngan sakitu-kituna gé dipasrahkeun wé, tinimhang cilaka mah.
a.    Banda tatalang raga
b.    henteu gedag bulu salambar
c.    Cikaracak ninggang batu, laun-laun jadi legok
d.    Hambur congcot murah bacot
e.    tea busik bulu salembar

27.    Nu jadi lawanna gé . . . , sangkilang dihurup ku limaan.
a.    tea busik bulu salembar
b.    neukteuk leukeur meulah jantung
c.    neukteuk leukeur meulah jantung
d.    oray nyampeurkeun paneunggeul
e.    raweuy beuweungeun rambay alaeun

28.    ….mugi ditampi, ulah deuk disaha-saha.
a.    ilanga- along marga hina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar getihna satétés, ambekna sadami, agama darigamana, nyérénkeun
b.    jabung tumalapung, sabda kumapalang
c.    Balungbang timur caang balan opat welas, jalan gedé sasapuan
d.    Kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak
e.    jabung tumalapung, sabda kumapalang

29.    Pangapunten, abdi téh seja…. dina ieu acara.
a.    Banda tatalang raga
b.    jabung tumalapung, sabda kumapalang
c.    ilanga- along marga hina, katinggang pangpung dilebok maung, rambutna salambar getihna satétés, ambekna sadami, agama darigamana, nyérénkeun
d.    raweuy beuweungeun rambay alaeun
e.    paanteur—anteur julang

30.    Ulah luluasan kitu, mani….. pikir heula saméméh mutuskeun perkara téh.
a.    neukteuk leukeur meulah jantung
b.    oray nyampeurkeun paneunggeul
c.    paanteur—anteur julang
d.    henteu gedag bulu salambar
e.    Banda tatalang raga

31.    upama urang ulin di puseur kota Bandung, urang tangtu bakal…. Jalan Oto Iskandar di Nata.
a.    Papanggih                d. manggihan
b.    Kapanggih                e. dipanggihan
c.    Panggihan

32.    Jalan Oto Iskandar di Nata teh kebat ti mimiti Gupernuran beulah kaler nepi ka hareupeun lapang Tegallega, beulah kidul.
a.    Langsung                d. lempeng
b.    Rata                e. panjang
c.    Lega

33.    Eta jalan teh pikeun pangeling-ngeling kana jasa-jasa Pa Oto dina mangsa jumenengna. Kecap mangsa jumeneng sarua hartina jeung..
a.    Basa jayana                d. jaman perjuangan
b.    Nalika aya keneh            e. waktos baheula
c.    Sajarahna

34.    Oto Iskandar di Nata teh dilahirkeunana di Bojongsoang, dayeuh kolot tanggal 31 Maret 1897. Kecap dilahirkeun sarua hartina jeung kecap-kecap ieu dihandap, kajaba….
a.    Lugay                d. dijurukeun
b.    Gumelarna                e. B, C, D bener
c.    Dibabarkeun

35.    Teureuh menak-putra bangsawan ieu teh kasohor leber wawannena dina nyinghareupan rupa perkara , pangpangna pikeun ngabela nasib rahayat. Sabalikna tina kecap leber wawanen nyaeta…
a.    Wanian
b.    Sieunan
c.    Bedas
d.    Teuneung ludeung
e.    Teu gedag bulu salambar

36.    Oto Iskandar di Nata meunang… Si Jalak Harupat.
a.    Dilandi                d. Dilandin
b.    Ngalandi                 e. landian
c.    Landi-landi

37.    Sok tumaros saban neuteup langit.
Kecap tumaros dina ungkara di luhur sarua jeung..
a.    Nanya                d. patingkalayang
b.    Ngalayang                e. katanyaan
c.    Nanyaan

38.    Narah pagirang-girang
Teu paluhur-luhur
Kecap pagirang-girang, asalna tina kecap…
a.    Nempo                d. girang
b.    Pagirang                e. a, b , c salah
c.    A jeng B bener

39.    Saban pareng neuteup langit
Tingkalayang kalangkang sorangan
Kecap neuteup dina ungkara di luhur, sarua hartina jeung kecap..
a.    Nempo                 d. panggih
b.    Ningali                e. mencrong
c.    Melong

40.    Peuting beuki jempling
Doa-doa geus diburakeun
Kecap jempling dina sempalan sajak diluhur sarua hartina jeng kecap …
a.    sepi                 d. Jempe
b.    nyepi                e. simpe
c.    tiiseun


lI. Jawab sing jentre, kalayan masing jelas !
1.    sebutkan 3 conto paribasa sunda, jelaskeun hartina!
2.    Jieun kalimah make kecap : sumebar,komara, munggaran!
3.    Naon hartina kecap : medal, matuh, mayeng?

Susun sing jadi kalimat anu bener, kecap-kecap nu aya dina nomer 4 jeng no 5 dihandap ieu !
4.    Paribasa sunda jieun ku hidep kalimat tina make kecap !
5.    Nu resep hidep diantara saha sajak maca sunda tina basa ?


3 Responses to "Contoh Soal Bahasa Sunda Kelas X SMK Semester Ganjil"

Silahkan berkomentar dengan baik dan sopan, bila ada kesulitan silahkan bertanya